Naha anjeun geus poho..
Yen maot ngadodoho..
Hirup katungkul
pati..
Dilangit pandeuri..
Nutup catur diri.
Hirup rek dipungkasan..
Hirup rek dipungkasan..
Seja hisab amalan..
Dipapag balitungan..
Narima
ganjaran..
Atawa siksaan..
Nalika laju pasaran..
Nu nganteurkeun ka kuburan..
Harta banda teu nulungan..
Moal
di pake tanggelan..
Napas anu panganggeusan..
Napas anu panganggeusan..
Geus kaluar tina badan..
Batin ceurik balilihan..
Teu aya
geusan pamuntangan..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar